Ka
dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring
sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka,
wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawan
anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu kasuhun,
hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang
kana kakedahannana.Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra
mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum
sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa
nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.
Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja
kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji
kalayan widi Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami.
Dina
ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang
samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala
ngagebregkeun jiad pangdu’a ka dua mempelai. Ngalangkungan du’ana
Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan :
Bismillah ….
Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir
(Mugia
kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir
ngabanding, lamokot geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan
hidep duaan dikumpulkeunana ku Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin).
Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama
A’udzubillahi minasy syaithonirrojim
Wawashshoinal
insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ‘ala wahniw wafishooluhuu
fii ‘aamaini anisykurlii waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)
“Jeung
Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana;
indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu
kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua
taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manéh, ngan ka Kami
wungkul manéh mulang ka asal. (Luqman : 14)
Kasép, Geulis.
Heup
eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan
geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang
anu jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep
indung bapa. Bayangkeun kua hidep yén dina satétés getih anu
ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku
hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina
sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan
rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung
bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.
Saméméh
hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis
rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku
keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Mamah, dina
danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di
dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja
ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos
dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di
kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu
langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul
‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri
anu sampurna salamet, waluya sapuratina.
Kasawang
ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan.
Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina
bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting
Mamah humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan
jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés
ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah
ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta
nyalindung.
Mamah
parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang
badag, késang leutik burayoan maseuhan sakujur salira. Guyang darah,
mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung haté tugenah.
Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu
namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Mamah téh aya dina
sajuruna deui.
Dina
waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup.
Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah
nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak.
Nalika
gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik
sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita
pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita
Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur
ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu
pusing. Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana
kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.
Mamah,
mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi
anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda
hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra
moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah
lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Deudeuh teuing
kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain
kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus
dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah dihampura.
Naning anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat
haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah disééh,
diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep
gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan
hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah. Bungah amar
wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar
kalayan sampurna.
Kiwari,
ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu
dihancleung-hacleung ku Mamah, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah
teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga.
Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama. Samémangna
parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari
seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang,
bébér layar tarik jangkar ku Mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung
kabagjaan dunya katut ahérat.
Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa
Prak
tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu
paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak.
Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah
nu jadi Bapa ka nujadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh
hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Bapa téh mindeng baringung, ditambah
bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Bapak
rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu
jadi anak bisa kacumponan sapuratina.
Lamun
indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal
darajat. Kanyaah indung jeung bapa ka nu jadi anak layeut ngahiji
ngawujud, ngajéngélék dina rupa anak. Nu matak dina jirim anak bakal
pacampur tétésan-titisan indung bapana. Nya kitu deui dina akhlak jeung
pamolahna bakal ceplés téés kanu jadi anak.
Bapa,
rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina danget kiwari clik putih
jatining bersih, clak hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti
handap sausap dampal, getih satétéh ambekan sadami, kiwari abdi neda
jembar hampura tinu jadi Bapa.
Baeu
kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo
lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana
Bapa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan. Sabenerna, gunung
karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah Bapa kahidep téh mémang langka
kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu,
ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung
kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa bélaan
ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi,
teu aya lian nyaéta mélaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur
sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta ngakirangan nu jadi anak.
Keun
cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa
anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay.
Sok ku Bapa kiwari hidep dihampura, sagala rereged, kaijid, kangéwa,
tur kageuleuh Bapa kiwari balungbang timur caang bulan opat welas, jalan
gedé sasapuan.
Cag,
anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan
kalayan diwuwuh ku du’a nu janten sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi
Bapa. Montong melang, tong salempang léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun
niat seja milampah tugasna Pangéran.
Tuh
geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan
ménta dikojayan. Geura bral undur tina pangkonan, geura hontal
kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan
juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan.
Sok didu’akeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan
Komentar
Posting Komentar