SAWER PANGANTEN

 Daweung :

“Geulis kasep ieu regepkeun”

Rajah
Bismillah ngawitan ngidung
Sumalindung ka illahi
Ka Allah nu maha heman
Ka asep geulis sarimbit
Nu nuju kasinugrahan
Rahmat nikmat maha widi

Kidung
Dijurung ngandung rahayu
Dijiad berkah tinu asih
Indung bapa nu miheman
Nu munajat siang wengi
Sangkan sang putra waluya
Waluya lahir batin

Aduh eneng anu ayu
Sing tapis ngawisik diri
Tekad ucap paripolah
Sing nastiti titi rintis
Ka caroge kumawula
Palias mo lanca linci

Sing jadi bapa nu tangguh
Jadi salaki luhur budi
Ngapalaan rumah tangga
Nyiar kipayah nu halal
Rizki milik ti pangeran
Sangkan salamet nya diri

Sakitu nu kahatur
Pepeling mangrupi dangding
Khususna keur panganten anyar
Umumna mah da keur  urang
Pikeun ngambah kahirupan

“Amin ya robal alamin mugi gusti nangtayungan”

Komentar

Postingan Populer